Selasa, 21 Mei 2019

Tuker Keris: KUMPULAN LIRIK LAGU JAIPONGAN

Tuker Keris: KUMPULAN LIRIK LAGU JAIPONGAN: KUMPULAN LIRIK LAGU JAIPONGAN JADUL Edisi 1 DAUN HIRIS Teteup deudeuh moal burung dipisono Hate kuring moal beunang di bobodo D...

Minggu, 09 Maret 2014

KUMPULAN LIRIK LAGU JAIPONGAN

KUMPULAN LIRIK LAGU JAIPONGAN JADUL

Edisi 1
DAUN HIRIS

Teteup deudeuh moal burung dipisono
Hate kuring moal beunang di bobodo
Daun hiris saksina nu ngemplok hejo
Duh panutan diantosan tibareto

Daun hiris kembangna umyang karoneng
Kaendahan ayana disisi empang 
Panutan imut basa kuring anteng nyawang
Duh waktu mitineung hate jadi honcewang

Ngabibita daun hiris sisi gawir
Aduh ampun takdir teu beunang dipungkir
Beurang peuting abdi teu weleh ihtiar
Geuningan sulaya panutan tambelar

Buktina ngaraheutkeun sapanjangna
Pupuasan naon pilandongeunana
Mingkin lami badan badabteun tambah tunggara
Aduh ampun seueur pisan gogodana